Lirik Lagu Indonesia | Lirik Lagu Barat Terbaru

Monday, 12 June 2017

lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Col Blem

lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Col Blem
Artist: Doel Sumbang
Title: Col Blem

col blem col blem
ari jelma ayeuna
teu koop boga kawasa
asa aing pangluhurna
sagala tara tatanya.
dah ceunah teu perlu nanya
da teu sieun kumaha
col blem col blem
col blem col blem
sagala rupa dihakan
euweuh nu wani nyarekan
sieun ku kakawasaan
sagala rupa dicokot
euweuh nu wani nyarongot
sieun kalahkah dicopot!
jalma leutik kabeukina paling kejo
eta oge senen kemis
bari saukur jeung buncis
jalma gede lampah loba nu teu hade
asa gede asa gede
sagala hayang nu gede
leuweung, gunung, kebon, walungan,
laut, sawah, malahan getih batur geh dihakan
meungpeung aya kasempetan
meungpeung kuat ku jabatan
jalma sengsara
sanajan hidup sengsara
kdu maok bulak balik mikir heula
nu beunghar sagala aya
malingan duit nagara
meni teu gableg ka era
nu leutik malarat
loba anu daek sholat
sok sieun lamum maksiat
nu gede konglomerat
loba nu jaradi bangsat
iman renghat moral bejad
hareudang krisis moneter
ku dolar rupiah teler
nu leutik gugurubugan
siga jaer kasaatan
nu loba duit di bank
ngadadak mareuli gudang
loba oknum haram jadah
paresta narimbun barang
col blem col blem
col blem col blem
sembako sembako
kamana atuh sembako
sembako bingung cingogo
cicing di gudang nu gelo!
jalma leutik mah siga sireum
meus meus katincak meus-meus katincak
keun sing sabar wae
ulah hayang nyoco
angguran mah urang leuwih deukeut ka gusti
da hirup mah kapan muter
suga isuk pageto mah urang aya diluhur
ngan sing inget
mun geus diluhur
ulah siga nu garelo nu didongengkan tadi
Omat Nya!
sakitu wae lah ti kuring mah
lamun kuring kurang hade nyarita
hampura we dah kuring kurang nyakola
eta oge lain teu hayang sakola
ngan kapan sakola ayeuna mah sagala kudu
ku duit
ku duit Abah Eon ku duit!
aya duit bisa sakola
soal otak nomer dua
da ceunah soal angka peunteun mah bisa
diatur ku dana
kitu oge ceuk beja (harunten ka baraya di P dan K)
Lamun seug bener teh eta beja
pantesan wae atuh
ayeuna loba nu boga gelar sarjana
tapi ngan saukur gelar
uteukna mah biasa biasa saja
hah hah hah hah !.

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+

Related : lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Col Blem

  • lirik lagu sunda : Darso – Bentang Cilampuyanglirik lagu sunda : Darso – Bentang CilampuyangArtist: DarsoTitle: Bentang CilampuyangTeu disangka ti tadinaDi lembur jauh ka kotaGeuning aya bentang ragragMawa bungah ka ...
  • lirik lagu sunda : Barakatak – Cikopi Jeung Bala-balalirik lagu sunda : Barakatak – Cikopi Jeung Bala-balaArtist: BarakatakTitle: Cikopi Jeung Bala-balaCikopi jeung bala -balakatingal mah matak kabitarek mahugi ka manehna. ...
  • Lirik Lagu Sunda  dan Terjemahannya Darso - Sakur Ngimpi Judul Lagu : Sakur NgimpiArti Judul : Sebatas MimpiArtis : DarsoKategori : Lagu SundaBahasa SundaSaprak anj ...
  • lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Jampe Jampe Harupatlirik lagu sunda : Doel Sumbang – Jampe Jampe HarupatArtist: Doel SumbangTitle: Jampe Jampe HarupatJampe-jampe harupatGeura gede geura lumpatSing jauh tina maksiat anaki ...
  • lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Gog Goglirik lagu sunda : Doel Sumbang – Gog GogArtist: Doel SumbangTitle: Gog-gogting harewas ngaromongkeundunungan.ngagogoreng nepi ka bebeakanabang gogogteu nyaho ditambah w ...