Lirik Lagu Indonesia | Lirik Lagu Barat Terbaru

Monday, 12 June 2017

lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Jampe Jampe Harupat

lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Jampe Jampe Harupat
Artist: Doel Sumbang
Title: Jampe Jampe Harupat

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat.

Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat

Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya

Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna

Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa

Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan

Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring.

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+

Related : lirik lagu sunda : Doel Sumbang – Jampe Jampe Harupat